Lirik Syair Rindu Sosok Sang Kekasih

Lirik Syair Santri Salafi "Rindu Sosok Sang Kekasih"

Lirik Syair Rindu Sosok Sang Kekasih


Bismmillah syair di serat, Ngisah keun Rindu nu hebat
Rindu ka insan Pilihan, Hadiah Ti sang pangeran

Mun waktu bisa di percepat, Mun jarak bisa di perdekat
Mun masa bisa di lipat, Rindu moal terlalu kuat

Namina anjeun teh saha, Dimna anjeun linggih na
Meni pisan penasaran na, Banget hoyng papendakna.

Ibu Rama sok ngodeuan, Hadirna tos di antosan
Orok batur di papangku, Tos hoyongn gaduh cucu

Tapi gening da kumaha, Upami acan waktuna
Ngan saukur bisa sobar, Ngantosan datang na qodar

Tapi jodoh tos dijamin, Abdi cuma kudu yakin
Wa kholaq nakum azwaja, Ayat dalapan an naba

Gusti alloh tos nyiptakeun, Tiap makhluk di siap keun
Jodoh na di sadia keun, Ngan masih di rahasia keun

Duh gusti hampura abdi, Masalah jodoh sok risi
Kadang hate resep sirik, Ka gusti berpikir licik

Nempo batur Sa ulinan, Babari ngirim ondangan
Abdi nu di hayang hayang, Ngan bisa nga bayang bayang

Abdi our bisa berharap, Upami waktuna dongkap
Pendakeun pas abdi siap, Dua hati tos pada mantap

Siap ker ngabangun sunnah, Mantep ngabantu ibadah
Sebab hakekat na nikah, Hiji amanah Ti illah

Sakieu syair dirangkum, Ditutup Ku bibir senyum
Muga muga di buburuken, Sinareng di babarikeun.

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya