Lirik Syair Santri Salafi "Ditingga Pupus Kekasih"

Abdi ngarangkum syairan, Syair tentang hiji hubungan
Anu banget saling eunyaan, Jauh pisan dina ulinan
Dua nana saling nyaah, Hayang pisan buburu nikah
Ker ngabantu kana ibadah, Kerjasama lempang ka jannah
Tapi sayang sungguh sayang, Nu teu dipikahayang datang
Harapan dua nana buyar, Kaburu di sapa ku qodar
Dua insan saling nyaah, Hiji manah ngadadak beulah
Papisah lain ku masalah, Tapi dipanggil ku illah
Padahal hitungan hari, Dua raga bade ngahiji
Manah nu benget di ikat, Di jemput ku malaikat
Akhirna manah nalangsa, Nu dinyaah tos teu aya
Cisoca turun ngarambai, Harapan hante kacapai
Manah ngadadak ka konci, Pas nu di pikacinta pergi
Teu bisa deui ker di eusi, Sebab anjeun tak terganti
Muga muga anjeun tenang, Dialam kubur anjeun senang
Rasa cinta nu dina dada, Tersimpan Rapi Selamanya.
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya