Lirik Syair Santri Salafi "Nalangsa Batin"

Syairan ieu ditulis, Di barengan soca nangis
Ngemutan hirup nu miris, Jauh pisan na ka Amis
Jasad meni hampir beak, Asa hayng tarik ngagoak
Kabungah nu teu memihak, Ka manis nu can ka cabak
Hirup asa jadi runtah, Jauh pisan na kabungah
Cipanon turun teu ereun, Nempo hirup pe sediheun
Lain na kula mengeluh, Namun karna banget jenuh
Dzohir batin banget Rapuh, Berang peting nelen ciduh
Mun megatkeun nyawa teu dosa, Ges dilakonan ti baheula
Mun tempat na lain na raka, Ayeuna geus eweuh di dunya
Berang peting nangkep tuur, Kaperih geus jadi dulur
Sirah tungkul mikiran hirup, Rasanya nggeus teu sanggup
Sakapeung osok ngahayal, Katamuan ku ijroil
Ngarepkeun datang na ajal, Dibawa balik dipanggil
Kaula ayena pasrah, Loba sila na sajadah
Cipanon turun ngalayah, Mugi dhohir batin tabah.
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya