Lirik Syair Putus Cinta

Lirik Syair Santri Salafi "Putus Cinta"

Lirik Syair Putus Cinta

Geuning Kieu Karasana, Putus Cinta Teh Sedihna
Aduh teu aya Landonghna, Iwal pendak Jeung anjeuna

Teu Disangka Teu Di Duga, Anjeun Ku Tega Tegana
Dimana Akal Salira, Ka Abdi Janten Merana

Abdi Reuwas Rejeung bengong, Teu Benten Jeung Jalmi Oon
Waktos Anjeunateh Ngomong, Ka Abdi Lewat Telepon

Wayahna Urang Papisah, Ayeuna Jeung Salawasna
Ku Sim Abdi Di Walerna, Naon Rikitu Hoyongna

Sim Abdimah Moal Maksa, Ri Anjeun Geus Heuteu Suka
Karna Abdimah Rumasa, Sim Abdi Jalmi Hina

Sateu Acan Abdi Ngarti, Arti Hidup Tau Diri
Mungkin ieu Tos Takdirna, Abdi Jeung Anjeun Papisah

Karna Abditeh Manusia, Teu Kawasa jeung DeuDaya
Saukur Bisa Ngadua, Supados Anjeun Bahagia

Abdi Moal Putus Asa, Tibang Leungit Hiji Cinta
Sugan Weh Aya Gentosna, Langkung Tibatan Salira

Anjeunmah Seserian, Sim Abdimah Sesegrikan
Soca Ngalirkeun Cisoca, Ngaraos Asa Di Hina

Abdi ihlas Jeung Narima, Kana Sadaya Dayana
Karna Abdimah Rumasa, Narimakeun Lapang Dada

Teu Dipikir Tidituna, Teu di Sangka Tidinyana
Anjeun Ngomong Rek Satia, Horengmah Ngan Modal Dusta

Duh Gusti Abdi Tulungan, Manah Nuju Kanyerian
Kakasih Nu Janteun Idaman, Ayeuna Janten Sang Mantan

Pamenteu Anjeun Kabayang, Dipangkuan Dilamunan
Siangna Janten kenangan, Weungina janten impenan

Sim Abdi Geuring Emutan, Sapertos Jalmi Nu Edan
Tumbuhna Tangkal Percintaan, Ahirna Kanalangsaan

Ieu syiir landong manah, Ka Abdi Nu Nyeri Manah
Dari Pada Di Lamunan, Mendingan bikin syiiran

Mun Mung Sakieu Riwayatna, Sim Abdi keur Galau Cinta
Abdi Ge Hoyong Bahagia, Sanaos Teu Jeung Anjeuna.

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya