Lirik Syair Untuk Sang Idola (Dzuriyyah Nabi)

Syair Untuk Sang Idola "Dzuriyyah Nabi"

Lirik Syair Untuk Sang Idola (Dzuriyyah Nabi)

Bismillah abdi ngawitan, Alhamdulillah nyareungan
Iyeu syairan harepan, Anu terus gentayangan

Sang idola Habib rizieq, Lami pisan hanteu balik
Sang idola Habib bahar, Tos lami acan kaluar

Ku banget lami di mekah, Habib Rizieq mukim pindah
Sareng Muhibbin papisah, Cisoca umat ngalayah

Ngalayah ku karna Rindu, Rindu datang tiap waktu
Waktu mulang na dinanti, Mulang kembali ka negri

Sareng deui teu sakedap, Alhabib bahar di tangkap
Di balik jeruji mukim, Ku sabab fitnah nu dzolim

Padahal dina syare'at, Nu ngaku ngaku dzuriyat
Ceuk ulama bere siksa, Ku Cara tilu perkara

Kahiji Gera tenggelan, Terus ngarana Masyhurkeun
Katilu na di kurungan, Nepi maneh na kapokeun

Teu pati pati bertindak, Ulama ngabela nu hak
Dimata batur mah salah, Padahal cek syare'atna sah

Cipanon teu ereun ngocor, Nempo jelema taledor
Cipanon teu ereun nangis, Nempo jalma meni sadis

Ka dzuriyyah wani nincak, Ku sabab hanteu sapihak
Teu Sa arah jeung ka hayang, Malah pang harepna nentang

Habib bahar Habib rizieq, Di ijid kaum munafik
Habib rizieq habib bahar, Di benci ku kaum kufar

Ku sabab sok pang harepna, Nantang nu nista Agama
Sanajan getih ngalucur, Salangkah pun moal mundur

Eta dua sang dzuriyyah, Ulama nu istiqomah
Nu umurna di wakafkeun, Ka agama di beakeun

Duh Gusti Allohu robbi, Hiji pamenta ti abdi
Takdir keun Presiden ganti, Supaya habib kembali

Kembali bareng jeung umat, Kembali nebar nasehat
Supaya Negri ka rohmat, Dunya Akherat Maslahat

Aamiin amiin amiin aamin, Aamiin yaa Robbal alamin
Aamiin aamiin aamiin aamiin, Ya Arhamar Rohimiin

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya