Lirik Syair Santri Salafi "Lembaran Kisah Cinta Santri Salafi"

Kasedih abdi ayeuna, Ditulis kana syaiarna
Kecewa rasana dada, Narima henteu narima
Sapalih lembaran kisah, Hidup abdi anu susah
Hese bahagiana manah, Pengorbanan anu musnah
Kecewa abdi kecewa, Di nyeyeri ku anjeuna
Ngorbankeun tanaga raga, Jang anjeun nu di kobongna
Jauh pisan caritana, Tos kaliwat lalakona
Ngan bakat masih narima, Anjeun nyodetkeun luka
Di awal urng hubungan, Bingah pisan kaalaman
Abdi rido ngamodalan, Keur anjeun di pasantrena
Dugi ka abdi ngelehan, Abdi lierun masntrena
Di keluarga tuntutan, Rama tos teu nganafkahan
Bakat cinta dina ati, Kakeluarga di bumi
Sakalieun ninggal rizqi, Jang anjeun nu ekeur ngaji
Selang beberapa bulan, Urang ngajalin hubungan
Karasa taya hambatan, Abdi siap di tarosan
Memang tos lain jidona, Urng teu aya takdir
Putus hubungan cintana, Wasilah salah anjeuna
Teu nyangki pisan abdi, Kaanjeun pujaan hati
Salami abdi keur kuli, Anjeun teh sobat sim abdi
Aya tali percintaan, Ngajalin hiji hubungan
Hate kula jejeritan, Bakat nyeri teu katahan
Segala pengorbananku, Kau anggap angin berlalu
Susah payah di hidupku, Kau tak peduli padaku
Niat alus kahalangan, Kahalang ku kanyeriyan
Abdi jiga ka edanan, Anjeun nu teu ngahargaan
Abdi kur jalmi biasa, Taya daya jg upaya
Rasa nyeri dina dada, Masih manjeg ka ayeuna
Abdi nu gampang ditipu, Abdi nu gampang karayu
Gaya loe guna parasmu, Nyieun abdi tunduk layu
Anjeun teu gaduh emutan, Anjeun teu gaduh prasaan
Teu panteus mikanyaahan, Jalma tukang khiyanatan
Sanes masalah biaya, Hal eta teu sabaraha
Nu bangeut matak nyerina, Kanyaah nu di piceuna
Tungtungna teh abdi pundung, Bakat ku bangeut kaduhung
Sedihna teu manggih tungtung, Abdi ayeuna merenung
Kahade ka para santri, Masing bisa ngamal ilmi
Ulah sampai ka alami, Hikayatna diri abdi.
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya