Lirik Syair Ngaji Ngadon Ngopi

Lirik Syair Santri Salafi "Ngaji Ngadon Ngopi" 

Lirik Syair Ngaji Ngadon Ngopi


duh ema abdi hampura, duh abah abdi hampura
di kobong na lalaora, ngaji na geh tara tara

barudak mah ngararaji, abdi mah kalah ka nyeduh kopi
barudak budal ngaraji, abdi mah masih ngopi

tiap weungi tara sare, gawe na ngoprekan hape
isuk isuk batur rame, abdi mah nembe sare

satengah dua gugahna, rehe amat alam dunia
kamana budak kamana, horeng di majelis kumpulna

beres sholat beres mandi, barudak bubar ngaraji
carita ngaji nu tadi, abdi molohok teu ngarti

eungke abdi teh kumaha, pami kiyeu ti ayeuna
naon tea kabisana, isin jasa ka calon mitoha

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya