Lirik Syair Santri Salafi "Bapa Ngantunkeun Nuju Mondok"

Duh umi atuh kumaha, Hirup abdi teh nalangsa
Nalangsa teu gaduh bapa, Nu tos lami ngantunkeunna
Bapa pupus teu nungkulan, Abdi keur di pasantrenan
Hate mah keur bubungahan, Firasatna karaos pisan
Barang wargi ngawartosan, Ujang hayu urang mulang
Sakedap aya wagelan, Dibumi keur kasusahan
Mangga geura tinggalian, Bapa nu di pangsarean
Sugan teh nuju teu damang, Geuning bapa teh tos mulang

Cisoca abdi ngeclakan, Ninggal bapa dituruban
Seueur jalma ngariungan, Kabeh pada nyaraksian
Pun rai anu seueurna, Ngan ukur bisa ceurikna
Ningal bapa payuneunna, Bari di usapannana
Ayeuna mah sare bapa, Sanes ngan sare biasa

Sare anu salamina, Ninggalkeun urang sadaya
Sangsara ku teu gaduhna, Beukeul pikeun dikobongna

Dahar oge saayana, Kitu ge lamun manggihna
Batur sibuk dikiriman, Abdi mah kaseseudihan

Ninggal batur bingah pisan, Aya anu ngalongokan
Boro-boro ngalongokan, Komo deui nu ngiriman

Sugan ti dulur sorangan, Tapi da teu aya pisan
Pasantren teh peurih pisan, Bekeul neangan sorangan

Keur aya mha bungah pisan, Ngaji ge kasumangetan
Tapi lamun teu manggihna, Hate sedih karasana

Nahan beuteung ku laparna, Peuting teu daek sarena
Mereun lamu gaduh bapa, Hirup teh pasti bahagia

Cara batur barungahna, Abdi mah kantun sangsara
Mugi gusti ngahampura, Kana dosa umi bapa

Jeung nampi kana amalna, Jeung salamet salamina
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya