Lirik Syair Masantren Teu Gaduh Biaya

Lirik Syair Santri Salafi "Masantren Teu Gaduh Biaya"

Lirik Syair Masantren Teu Gaduh Biaya


Hoyong pisan bisa ngaji, Ilmu Alloh anu suci

Hanjakal bekeul teu aya, abdi teu gaduh biaya

Aduh ema aduh bapa, piraku hente karunya

Abdi teu gaduh nanaon, ngeun ukur ngocor cai panon

Hate sedih anu aya, di kobong teh menderita

Aduh ema aduh bapa, bade ngirimana iraha

Ka abdi anu nelangsa, di kobong ker menderita

Rumasa abdi rumasa, di kobong teh teu usaha

Abdi nyuhunkeun biyaya, ka dulur-dulur anu usaha

Ngeun sakitu ti sim abdi, mugi-mugi pada ngarti

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya