Lirik Syair Rindu Santri Salafi

Lirik Syair Santri Salafi "Rindu Santri Salafi" bahasa sunda

Lirik Syair Rindu Santri Salafi

Aduh ema aduh bapa, batin abdi keur nalangsa
sering emut ka anjeunna, kasepna kabina-bina

iraha abdi patepang, jeung anu dipikasayang
anu sok kabayang-bayang, tiap weungi tiap siang
rindu mani teu katahan, hoyong pendak jeung pujaan
cipanon sing kareclakan, duh gusti abdi tulungan

kumaha kabar anjeunna, ayeuna aya dimana
hayang nelpon hente bisa, hpna geh hente aya

hiji mangsa aya kiriman, kirimanna babaturan
arek ngilu sms'an, horeng mah taya pulsaan

habibi aduh habibi, iraha ngalongok abdi
naha tos teu emut deui, ka abdi nu keur menanti

habibi goba'an 'aini, lakin laa yagi fii qolbi
engkau jauh dimataku, tapi dekat dihatiku

duh angin nu ngahiliwir, sampaikeun salam sim abdi
ka anjeunna nu keur ngaji, nu janten pujaan hati

sakieu nadzoman tamat, mudah-mudahan manfaat
ka santri nu rindu berat, ka kakakasihna teu kuat

BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA

Halaman Berikutnya