Lirik Syair Santri Salafi "Dilema Santri Salafi"

Ieu syairan dikawitan ku sholawat
pikeun kanjeung nabi pembawa syafaat
ki santri nu kabeja alfiyahna
sing horeng mah teu ngarti kana mubtada
ngaos mah geus sampai bertahun - tahun
beas ge geus se'ep berkarung - karung
tapi ku naon eta ibnu hamdun
cuman hafal sampai qola muhammadun
abdi isin ka ema anu ngintunan
sareng bapa anu cape banting tulang
anakna mah dipondok sibuk pacaran
poho mikir kana kolot kanyeurian
yaqulu dijingjing, jurmiyah dipikul
tapi di majlis cuman sare hungkul
heunteu peuting, heunteu subuh, heunteu siang
pagawean cuman ngawanglong doang
tapi mugi kuberkah guru
abdi di pasihan kamanfaatan ilmu
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya