Lirik Syair Santri Salafi "Cinta Teu Di Restuan"

Wa’ulqotun hasilatun bil kitabah
ka ‘ulqotin hasilah bil mushofahah
ka ‘ulqotin hasilah bil mushofahah
Ngahubungkeun cinta hasil ku tulisan
kaya hasilna cinta ku sasalaman
ya’ni ieu syair anggap perwakilan
diri abdi kaanjeun teh deudeuh pisan
kaya hasilna cinta ku sasalaman
ya’ni ieu syair anggap perwakilan
diri abdi kaanjeun teh deudeuh pisan
Jauh kisah cinta nu tos karandapan
merjuangkeun cinta entos bebeakan
barang anjeun dongkap bade ngakhitbahan
hanjakal cinta urang teu direstuan
merjuangkeun cinta entos bebeakan
barang anjeun dongkap bade ngakhitbahan
hanjakal cinta urang teu direstuan
Memangna ge salah urang ngambil langkah
enggal enggal teuing hoyong geura nikah
enggal enggal teuing hoyong geura nikah
bakat kasieunan anjeun kapayunan
tika gancang dina ngambil keputusan
tika gancang dina ngambil keputusan
Tiap wengi cai soca ieu ragrag
kadang mah asa ditindihan ku jagad
kadang mah asa ditindihan ku jagad
ngajeurit ka dzat anu masihan cinta
abdi hoyong sepuh hatena kabuka
abdi hoyong sepuh hatena kabuka
Tiap hujan ngaririncik abdi ceurik
rasa hate kian hari kian sakit
embunglah embung kuring asa dicekik
ngan batin ngajeurit maratan langit
rasa hate kian hari kian sakit
embunglah embung kuring asa dicekik
ngan batin ngajeurit maratan langit
Kunaon atuh tiap aya kasenang
jeung nalika abdi keur aya kahayang
sepuh pasti siap untuk menantang
dengan seribu alasanna dihadang
jeung nalika abdi keur aya kahayang
sepuh pasti siap untuk menantang
dengan seribu alasanna dihadang
Ayeuna mah urang we saling nguatkeun
abdi mah moal dugika ngajalirkeun
kana janji-janji abdi nu ka anjeun
kitu oge anjeun ulah mopohokeun
abdi mah moal dugika ngajalirkeun
kana janji-janji abdi nu ka anjeun
kitu oge anjeun ulah mopohokeun
Wahai dzat nu maha ngabalikeun rasa
mugi numibakeun ka sepuh kaula
kana restu cinta hatena kabuka
alim kanu lain hoyong ka si aa
mugi numibakeun ka sepuh kaula
kana restu cinta hatena kabuka
alim kanu lain hoyong ka si aa
Abdi alim pisan lamun dijodohkeun
sabab hate moal bisa narimakeun
teu bisa yeu cinta nu utuh dibikeun
ka lalaki lian nu teu dihayangkeun
sabab hate moal bisa narimakeun
teu bisa yeu cinta nu utuh dibikeun
ka lalaki lian nu teu dihayangkeun
Aa kedah sobar nampi qodo qodar
da jodohmah moal aya nu tertukar
urang kedah kuat barina ikhtiar
dugi lafad qobiltu engke terdengar
da jodohmah moal aya nu tertukar
urang kedah kuat barina ikhtiar
dugi lafad qobiltu engke terdengar
Sakieu syairan tamatna wassalam
ieu kisah cinta nu teu direstuan
bakat pengalaman nu nyanyi syairan
mugia katampi ku ikhwan-ikhwan
ieu kisah cinta nu teu direstuan
bakat pengalaman nu nyanyi syairan
mugia katampi ku ikhwan-ikhwan
BERITA LENGKAP DI HALAMAN BERIKUTNYA
Halaman Berikutnya